SASAB
Dimuat dina koran Sunda
15 april 2006
Geus jauh teuing ngalengkah teh
Ninggalkeun tali-tali paranti ngaji diri
Kasered caah unggal wanci
Leutak pagaliwota jeung runtah, motah
Geus jauh teuing geuning kasered teh
Kabawa gumuruhna napsu diri nu teu
maranti
Pangharepan ngarawel geusan pamuntangan
Jukut riut, alimusa, eurih
Saukur pangbebenjo ku kapeurih
Ngeset hate nu kapepende
Enya, nurih raheut kapeurih
Gusti paparin areuy geusan pamuntangan
Nu ngajait tina nyeotna leuwi
Nu ngangkat tina ngaplakna sagara
Sagara, enya sagara katunggara
BANJAR DINA KINANTI
Dimuat dina priangan
24 Februari 2010
Bagja paparin nu agung
Anca lampah nganti-nganti
Nanjeur banjar jadi kota
Jurung nanjung lemah cai
Angkat darajatna warga
Rahayat kudu di sungsi
Ieu banjar nu pinunjul
Digjaya euyeub pangarti
Adiluhung tur bersĕka
Muntang mundut rido gusti
Akur saban warga dĕsa
Nĕmbongkeun raharja mukti
Sabot niat
Dimuat dina priangan
24 Februari 2010
Renghap ombak ngalarung tungtung
umur
Kagalémohan hambalan-hambalan
wanci
Nu kalis kaduruk layung kamari
Pucuk seuneu na ramo lilin
beureum
Katebak ringkang tanggara
Kalucas-kalices..
Pes…pareum
Cakueum….
Heureut lampah teu wasa
ngalengkah
Kaeurad nirca, culika, deleka,
Rumasa..
Gurat kalang natrat satukangeun
lawang
ngondang balebat
Naha?
Geuning nu datang layung deui
layung deui
Reup…pareum
Cakueum…
Sabot niat ngajarumat benang
pegat
Ngayuman waktu nu rek lumaku
Hawar-hawar sora léngkah
Ngajauhan…jauh…beuki jauh…les
Reup…pareum
Cakueum…
Jatinangor,
2009
1.
SAJAK KEUR BANJAR
Dimuat dina priangan
24 Februari 2010
Pirang waktu nu lumaku
Ngajarumat kembang-kembang
kahayang
Lebah tepis wiring wanci
Ngemu laksa harti sajati
Jati diri nu di sungsi
Banjar karang pamidangan
Banjir pangarti nu suci,
Bihari nagrina linggawesi
Laju ketakna para kompeni
Natrat ngagurat dina sajarah
Kasebit ku eusi dangding
Kasebat dina wawacan
Kiwari ninggang takdir kana pasti
Banjar ngajadi
Ngariksa harta, diri, lemah cai
Nu mandiri
Ka rahayat, geura hanjat wangun
banjar
Ku kahĕman
Ka pangagung, poma adigung
Ajeg panceg kana jangji
Banjar idaman paparin gusti
Tahrim
Dimuat dina mangle
15 april 2010
Tahrim-tahrim nyaliksik wanci
janari
Béh balé kambang, tajug, masjid
agung
Ngoréjatkeun nu keur mangprung
Di jalan, di laut, di gunung
Di hotél, di langit, di kantor
Di udag maung
Kolépat
Lelembutan mubus embun-embunan
Nguliat megatkeun kawalat
Anggel, simbut parebut silih
jenggut
Kuring gelut jeung simbut
Kélanan…sstt
Tahrim bale kambang bet jadi
maskumambang
Panggero masjid agung kasilih
juru demung
Nu di tajug ujug-ujug nyurup
pucung
Gerung-gerung
Taki-taki rek mangprung
Ka jalan, ka laut, ka gunung
Ka hotel, ka langit, ka masjid
agung
Assolatu khoirumminannaum…
Assolatu khoirumminannaum
Biur mangprung
Ka masjid agung
Di udag maung
Jatinangor,
2009
Hujan luhur
astana
Dimuat dina priangan kaping 28 juli 2010
Hujan luhur astana
Sabot teuteupan séséléké tukangeun keueung, teu kalis
Neumbrag samoja, kembangna tingkoléang katoél takdir
Marahmay, tinggelenyu nutup teuteupan
hujan panceg, pageuh
nyebrut ninggang taneuh, nurut pamundut
Awak jibreg cimutmut
Nu ti tadi nangtung, miharep hujan jadi sagara
malidkeun runtah na jero dada
hasud, adigung, munapék,
sirik, pidik, musrik
Girimis mungkas pancén nu maha suci
Samoja beuki atra, kembangna ngampar sadrah kana kanyaah
kakubur taneuh astana, sawaréh palid ngayuman cileuncang
Teuteupan euntreup di puseur astana
Lebah lombang kosong nyangkeredong
Gugupay
Bagja kembang samoja
Dihayap taneuh astana taya cidra taya culika
Astana
cikuda 2009”
2
Eundeuk – Eundeukan
Dimuat dina priangan kaping 28 juli 2010
Dulur
Beurang geus
ngajak tandang muka sandiwara anyar
Lalakon nu rek
medar Dialokan ku kalangkang
Campala ngajadi
rajah pamuka
Muka diri muka
ati
Muka sajatining
harti
Eundeuk-eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki
Hirup mah apanan eundeuk-eundeukan
Aya luhur aya
handap, aya beunang aya leupas
Aya bagja aya
suda, aya ceurik aya seuri
Cara aki jeung
nini, sarua keur nyandiwara
mulas
lambaran-lambaran lampah
nohonan tetekon
pikeun lalakon
tanggara na saban
lengkah
maturan
renghap samemeh datang pinasti
dulur
sing tarapti diri
balebat geus
ngajak kebat
nyerangkeun nu keur
jongjon eundeuk-eundeukan
teu malire hate
nu salawasna rehe
hayu mulang, tuh
batur geus nungtutan
ninggalkeun
pakalangan, kahade obor awi nya karari,
keur narawangan jalan nu baris kasorang
sandiwara geus
lekasan
cunduk ninggang
waktuna
manusa teu walakaya
Cimaragas
2010
GIRIMIS NU SALIN JINIS
Dimuat dina priangan kaping 28 juli 2010
Girimis kasorenakeun
ngantebkeun sawangan nu gugulantungan luhureun tarang
nilik diri nu teu
surti, mawa raga nu teu wasa
nuturkeun aji nu
maranti
awak rempo,
lalinu unggal waktu
pananya
ngaduruk jero dada
nyangkaruk
hanjelu teu manggih tungtung
hanjakal ngabayah
na letah, na hate, na dada
laju nyelek na
tikoro, ngampar na eusi tarang
walatra nepi ka
kacapuri
girimis lumengis
nenjo awak nu
geus salin jinis
tanaga ledis
balas nyurung-nyurung pangajak rasa
mudalkeun
pangharepan nu samar kahayang
kiwari jalan
narawangan, sanajan layung geus teu surti
kana wanci
girimis geus
salin jinis
jadi
mangrewu-rewu jamparing, tingbelesat
dipentangkeun
balebat rupa gondewa, tingkolepat
mapay nyawa niruk dada
dina
renghap-renghap panungtungan
Cimaragas
2010
¬ hal yg tidak pernah terbayangkan kini menjadi kenyataan,dengan keluarga saya untuk AKY SANTORO kami ucapkan banyak terimah kasih karna berkat BANTUAN AKY SANTORO ALHAMDULILLAH keluarga kami bisa lepas dari segala HUTANG HUTANG. karna nomor togel yang di berikan KY SANTORO YAITU-4D. nya BENAR BENAR TERBUKTI TEMBUS 100% DAN SAYA MEMENANGKAN.125 juta.ALLHAMDULILLAH saya bisa menutupi semua tuhang hutang saya.dan MOTOR saya yg dulunya aku gadaikan,kini sudah di tebus kembali.dan kami juga sudah membuka usaha kecil kecilan,kami tidak menduga KY SANTORO TELAH MERUBAH NASIB KAMI DALAM SEKEJAP.dan hanya AKY SANTORO Lah DUKUN TOGEL YANG PALING BERSEJARAH DI KELUARGA KAMI.ini adalah benar benar kisah nyata dari saya.dan saya tidak malu menceritakannya.semua tentang kesusahan yg perna saya jalani.karna di situlah saya mulai berfikir bahwa mungkin masih banyak saudara kami yg membutuhkan bantuan seperti saya.yang ingin seperti saya silahkan hub AKY SANTORO DI NOMOR(_0823_1294_9955_).DI JAMIN 100% TEMBUS.JIKA ANDA PENUH KEPERCAYAAN DAN KEYAKINAN SILAHKAN ANDA BUKTIKAN SENDIRI.DAN SAYA SANGAT YAKIN BAHWA ANGKA GHOIB YANG DI BERIKAN KY SANTORO DAPAT MERUBAH NASIB ANDA SEPERTI SAYA.SEBELUMNYA SAYA MOHON MAAF KALAU ADA PERKATAAN SAYA YANG KURANG SOPAN.TOLONG DI MAAF KAN.TERIMAH KASIH.THANK'Z ROOMX ZHOBATH.!!!
BalasHapussaya PAK SLEMET posisi sekarang di malaysia
BalasHapusbekerja sebagai BURU BANGUNAN gaji tidak seberapa
setiap gajian selalu mengirimkan orang tua
sebenarnya pengen pulang tapi gak punya uang
sempat saya putus asah dan secara kebetulan
saya buka FB ada seseorng berkomentar
tentang AKI NAWE katanya perna di bantu
melalui jalan togel saya coba2 menghubungi
karna di malaysia ada pemasangan
jadi saya memberanikan diri karna sudah bingun
saya minta angka sama AKI NAWE
angka yang di berikan 6D TOTO tembus 100%
terima kasih banyak AKI
kemarin saya bingun syukur sekarang sudah senang
rencana bulan depan mau pulang untuk buka usaha
bagi penggemar togel ingin merasakan kemenangan
terutama yang punya masalah hutang lama belum lunas
jangan putus asah HUBUNGI AKI NAWE 085-218-379-259
tak ada salahnya anda coba
karna prediksi AKI tidak perna meleset
saya jamin AKI NAWE tidak akan mengecewakan
saya PAK SLEMET posisi sekarang di malaysia
bekerja sebagai BURU BANGUNAN gaji tidak seberapa
setiap gajian selalu mengirimkan orang tua
sebenarnya pengen pulang tapi gak punya uang
sempat saya putus asah dan secara kebetulan
saya buka FB ada seseorng berkomentar
tentang AKI NAWE katanya perna di bantu
melalui jalan togel saya coba2 menghubungi
karna di malaysia ada pemasangan
jadi saya memberanikan diri karna sudah bingun
saya minta angka sama AKI NAWE
angka yang di berikan 6D TOTO tembus 100%
terima kasih banyak AKI
kemarin saya bingun syukur sekarang sudah senang
rencana bulan depan mau pulang untuk buka usaha
bagi penggemar togel ingin merasakan kemenangan
terutama yang punya masalah hutang lama belum lunas
jangan putus asah HUBUNGI AKI NAWE 085-218-379-259
tak ada salahnya anda coba
karna prediksi AKI tidak perna meleset
saya jamin AKI NAWE tidak akan mengecewakan
Mantak naon aki nawena we sing masang togel sorangan 😃😃
BalasHapusKarek aki nawe gs hebat kitunya..komo nini nawe na mah
BalasHapus