Senin, 13 Februari 2012

Artikel


BASA SUNDA KUDU BISA NGIGELAN MANGSA
Oleh: M.E Nugraha


Dimuat di majalah Priangan 22 Februari  2012
Naha enya ari basa bisa paéh? Sok rada keueung lamun urang pirajeunan mikir ka lebah dinya. Kumaha jadina basa anu jadi cicirén bangsa, ciri nu mandiri di tiap étnik, hasil budaya nu linuhung kudu leungit dihakan mangsa. Deudeuh teuing meureun anak incu moal nyaho kana basa indungna sorangan lamun bener basa téh bisa paéh, komo deui lamun maca pedaran david Crystal dina bukuna language Death (2000) nétélakeun yén cenah kiwari di alam dunya aya 6000-an basa tur 50-90% baris musna di taun 2100, lamun diitung paitna meureun saratus taun ka hareup aya 5000 basa nu baris ninggalkeun alam dunya.

Aya sababaraha hal anu ngalantarankeun téréh paéhna hiji basa salah sahijina nyaéta ceuk catétan UNESCO, basa anu panyaturna kurang ti 100 rebu urang. Hasil panalungtikan Summer Institute of Linguistics ( SIL) salah sahiji lembaga nu nalungtik kayaan basa di sakuliah dunya nétélakeun yén basa sunda aya dina urutan nu ka 32 tina 6000-an basa di sakuliah dunya, hal éta didasarkeun kana jumlah panyaturna nyaéta 27 juta. Tina 706 basa daérah di Indonesia basa sunda téh kadua sanggeus jawa. Lamun dumasar kana teori mah basa sunda téh masih kénéh jauh kana paéhna, 27 juta urang panyaturna nu jadi nyawa hirup huripna basa sunda, memang jauh lamun dibandingkeun jeung basa jawa nu panyaturna leuwih ti 75 juta.
Dumasar kana karempan paéhna hiji basa, UNESCO, lembaga di lingkungan PBB nu ngurus widang ékonomi, sosial jeung budaya geus buleud patékadan pikeun miéling poé basa indung Internasional unggal tanggal 21 Februari, disakuliah dunya sasatna diajak rampak gawé enggoning miara tur ngamekarkeun basa indung, program UNESCO nu paduli kana kalumangsungan basa-basa indung di sakuliah dunya meunang apresiasi anu gedé hususna di pamaréntahh Provinsi Jawa Barat. Miéling poé basa indung geus jadi program taunan anu dijalankeun di pamaréntahhan pusat tur daérah.
Basa sunda minangka basa indung urang sunda, nambahan catétan euyeubna pirang-pirang basa di sakuliah dunya, miéling basa indung di urang ngandung harti miéling basa sunda. Sugan jeung sugan ku ayana hal saperti kitu bisa ngahudangkeun katineung pikeun miara jeung ngarumat basa sunda, babarengan jeung rebuan basa indung laina di sakulah dunya
            Basa sunda kiwari kumaha atuh kaayaanana, remen kabéjakeun basa sunda téh geus pada naringgalkeun, geus teu payu, loba sora-sora anu ngangluh nalika madungdengkeun kaayaanana basa sunda kiwari. Atuh gambaran kaayaan anu dikahareupkeun sok pikasediheun, pikarémpaneun. Basa sunda sok remen kabéjakeun geringna batan cageurna, loba wangkongan-wangkongan anu nétélakeun yén basa sunda téh téréh paéh, geus teu dipaké ku nu ngarora, sanajan can aya panlungtikan nu bisa méré fakta anu sabenerna, wangkongan-wangkongan saperti kitu meureun enas-enasna mah kaluar tina kanyaah, kadeudeuh, tur kahéman kana basana sok araringgis basa sunda téh kaasup kanu 5000 basa nu baris musna.
Ngan teu cukup ku kitu, najan kumaha baé oge optimismeu kudu terus digedurkeun kumaha carana sangkan sora-sora pesimismeu teu mangaruhan pikiran-pikiran nu ngarora. Bisi  ku alatan urang loba ngalengis, ngangluh, nyebutkeun basa sunda baris carem nu ngarora jadi ngarasa horéam keur naon diajar basa nu geus  rek musna, nu euweuh nilai jualna. Lamun geus kitu musna na basa sunda bakal leuih deukeut. Optimismeu salah sahiji jalan narékahan manjangkeun umurna basa sunda, urang kudu salawasna  méré inovasi sangkan basa sunda bisa ngigelan mangsa. Basa sunda kudu bisa asup ka dunya sains, hiburan, téknologi, sangkan teu disebut basa nu kampungan.
Nyirorotna hiji basa téh ceuk para ahli, lain ukur saeutikna panyatur, réa basa ditaringgalkeun lantaran kekecapanana geus teu produktif teu luyu jeung kahirupan kiwari, dunya geus euyeub ku hal-hal anyar dina widang pangajaran, kaelmuan, téknologi nu daék teu daék basa sunda kudu bisa ngigelan hal samodel kitu ku cara nyiuen kekecapan  nu luyu jeung pangabutuh jaman kiwari.
Basa nu teu bisa ngigelan kamajuan jaman laun-laun mah beuki kurang pamorna nu antukna ditaringgalkeun. Basa sunda bisa disebut basa nu beunghar ku kekecapanana, ngan lamun teu bisa ngindung ka waktu, ngabapa ka jaman kasengker teuing ku aturan-aturan basa nu geus baku, bisa jadi kana sakaratna bakal leuwih téréh, kajadianana tumiba pisan kabasa sunda sorangan sanajan beunghar ku kekecapan tapi lamun geus disanghareupkeun kana widang paelmuan, téknologi mah sok rada humandeuar néangan kecap. Gupuy gapay neangan nu pas, salah sahiji contona wae dina widang teknologi saperti dina perangkat komputer aya istilah mouse nu fungsina nunjukeun kursor, lamun ditarjamahkeun kana basa sunda hartina bisa jadi beurit, naha sakirana urang rek ngagunakeun kecap beurit gaganti kecap mouse? Ieu salah sahiji tina rewuan masalah nu sakirana jadi bahan pikiraneun urang sarerea.
Kiwari ku ayana miéling poé basa indung susuganan jadi jalan pikeun miara jeung ngarumat basana séwang séwangan, kitu deui basa sunda. Kalumangsungan hirup huripna basa sunda lain ngan saukur tanggung jawab guru basa sunda, mahasiswa lulusan sastra sunda, atawa komunitas-komunitas nu mikacinta basa sunda, tapi jadi tanggung jawab sareréa. Hayu urang rampak gawé nyinglarkeun kahumandeuar, ngagedurkeun optimismeu, ngawirahmaan basa sunda sangkan bisa ngigelan mangsa.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar